JAJANGKUNGAN
Jajangkungan alias égrang nyaéta kaulinan
tradisional sunda anu sok diulinkeun pikeun ngasah katerampilan nganaékan
jajangkungan anu tina awi. Kaulinan ieu téh teu acan aya anu terangeun sacara
pasti ti mana asalna, ngan tiasa di panggihan di rupa-rupa daerah anu ngaranna
beda-beda, saperti : di Sumatera Barat disebatna tengkak-tengkak. Di Bengkulu
disebatna ingkau anu hartina sapatu awi
sareng upami di Jawa Tengah mah ngarana jangkungan anu asalna tina
ngaran manuk anu sukuna panjang. Égrang sorangan asalna tina basa Lampung anu
hartina terompah pancung anu di jieuna tina awi buleud panjang. Dina basa
Banjar di Kalimantan Selatan disebatna téh batungkau
Jajangkungan atawa égrang téh ulina ku cara leumpang
maké awi dua anu aya panincakan. Kaulinan égrang kaasup jenis kaulinan anu
ngabutuhkeun katerampilan jeung kawanian. Jajangkungan umumna dijieun tina awi
anu panjangna antawis 1 ½ - 3 meter atawa gumantung kana kabutuhanana. Dina bagéan
handap kirang langkung 30-60 cm ti handapna, dijieun tempat paragi napak suku
anu rata anu legana kirang langkung 20 cm. .
Ulin jajangkungan sok resep upami
diulinkeunana kelompok jeung tiasa ogé dikombinasikeun jeung maén
bal atawa adu kacepatan. Atawa sering ogé dipeunteun tina katahanan leumpang di
luhur jajangkungan atawa saling nanding.
Cara ngulinkeunana nyaéta urang lomba leumpang
ngagunakeun jajangkungan dina salah sahiji sisi lapangan ka beulah sisi séjénna.
Sing Saha anu pang téréh-téréhna dugi jeung henteu labuh, hartina anjeuna
meunang
Lengkap dan gak salah
BalasHapus