Senin, 04 Maret 2013

Dongeng Basa Sunda



A J I  S A K A

            Kacaturkeun aya hiji nagara anu katelahna Médang Kamulan. Anu jadi raja di éta nagara téh nyaéta Raja Buta Déwata Cengkar.
            Karajaan Médang Kamulan dipikagimir ku musuh-musuhna, da’ pangeusi nagarana ogé teu weléh gigis jeung teu weléh gimir.  Anu jadi sabab rahayat pangeusi nagara Médang Kamulan gigis jeung gimir téh lantaran Déwata Cengkar boga kabiasaan ngadahar jelema. Méh saban poé patih meunang paréntah kudu ngajagragkeun jelema dahareun raja. Anu jadi karesepna, nyaéta budak lalaki. Pangeusi nagara téh beuki lila beuki suwung. Langka aya budak lalaki daék ngulampréng ulin di buruan. Dina ayana ogé nyarumput sieuneun dijadikeun kadaharan Raja Déwata Cengkar.
            Dina hiji mangsa, patih ngulincer ka unggal lembur teu manggihan jalma saurang-urang acan. Mangkaning Déwata Cengkar geus maréntahkeun sangkan kudu buru-buru mawa budak lalaki karesepna. Patih pohara bingungna sabab geus saminggu teu manggihan budak lalaki bawaeun ka karajaan. Mangkaning lamun nepi ka balik léngoh téh Raja Buta Déwata Cengkar baris ngamuk. Keur meujeuhna baluweung, torojol aya budak lalaki talandan-téléndén nyampeurkeun . Basa ku patih diajak ka karajaan téh éta budak kawas nu taya kasieun, malah ngajak buru-buru indit da’ hayang geura panggih jeung raja, cenah. Éta budak lalaki téh ngaku boga ngaran ‘Aji Saka’.
            Barang nempo patih nungtun budak, Déwata Cengkar ti buburanjat bakat ku atoh. “ Naha lila-lila teuing ieu kaula geus teu tahan hayang geura ngetrok sirah budak.”  Aji Saka lain sieun atawa lumpat, tapi nyolongkrong nyampeurkeun, bari sura-seuri. Déwata Cengkar ogé ngarasa heran. Kulantaran geus teu kuat lapar, manéhna teu mikir itu-ieu deui. Komo barang disidik-sidik budak téh nya kasép nya berséka. Méméh kop di dahar, Déwata Cengkar nanya heula.“ Bisi boga kahayang, pok caritakeun ayeuna. Bisi hayang barang dahar naon, moal burung ditedunnan.”  Ditanya kitu téh Aji Saka ngajawab énténg pisan. “ Abdi mah gaduh kahayang téh ngan hiji, Kangjeng Raja !”  “Naon ? Sok buru omongkeun !” Ceuk Déwata Cengkar bari kumétap. “ Abdi téh gaduh iket pamasihan ti Pun Biang. Kanggo mulang tarima, abdi badé nyuhunkeun tanah sarubakan ieu iket. Upami tos kitu mah, mangga abdi geura tuang !” Ngadéngé paménta Aji Saka kawas kitu téh, Raja Déwata Cengkar seuri ngagakgak. “ Heug tah teuing, kop tanah sarubakna éta iket keur maneh, malah mun kurang mah ditambahan deui !”
Déwata Cengkar geuwat maréntahkeun ka patih jeung ponggawa sangkan ngajak Aji Saka ka pakarangan karajaan. Di pakarangan karajaan, Aji Saka mébérkeun iketna, tuluy diamparkeun dina taneuh. Tidinya, tuluy nyarita deui ka Déwata Cengkar. “ Poma Kangjeng Raja ulah jalir jangji.”  “Heug ! Moal jalir para déwa nyaksian jangji kaula !”
Disaksian ku sararéa , iket nu ngampar di pakarangan bet kawas nu hirup. Iket nu di amparkeun téh bét beuki mébér ngalegaan , beuki lila beuki lega, pakarangan karungkupan. Iket sakti Aji Saka beuki rubak, beuki lega, nepi ka antukna kabéh Karajaan Médang Kamulan karungkupan ku iket Aji Saka.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Contoh Soal UM UNDIP

Hola, kembali lagi dengan post contoh soal. Disini aku mau share tentang soal Ujian Mandiri. Kampus mana? Yap, UNDIP. Sayangnya, aku ga bisa...